05/04/2026
Sore Minggu ieu tong ukur cicing di imah…
Hayu urang kaluar sakedap, ngarasakeun angin sore jeung suasana santai di Alun-Alun Ciranjang.
Datang lain saukur leumpang-leumpang, tapi pikeun nenangkeun hate nu meureun keur capé.
Saha nyaho, di ditu manggihan seuri , carita anyar, atawa papanggih jeung jalma nu teu disangka-sangka.
“Sabab kabagjaan téh kadang lain ditéangan… tapi kapanggih.”
Ajak babaturan, dulur, atawa jalma nu hayang patepang jeung anjeun.
Tong nepi ka sore ieu kaliwat tanpa kenangan.